TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | mapag arus mudik lebaran dua rebu dalapan belas, dinas perhubungan kota bandung mariksa kaayaan sababaraha beus, di terminal leuwipanjang, kota bandung, poe salasa beurang. sawatara beus anu teu merenah keur dipake nambangan, diparkirkeun pikeun diomean tepi ka kaayanana sayaga keur ditumpakan penumpang.