TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Poe Salasa isuk-isuk, Kepolisian Resor Bandung ngalakonan kagiatan mariksa kasayagaan sakumna personel, dina raraga mapag operasi lilin lodaya dua ribu tujuh belas. Eta kagiatan anu dipingpin langsung ku Kapolres Bandung, AKBP Nazly Harahap teh, dikokolakeun sangkan sakumna anggota pulisi anu bakal mancen dina operasi lilin lodaya, sayaga kalawan hade.