TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Satutas ngaresmikeun tol Soroja turta nitenan proyek pangwangunan sengserepan cai di Baleendah kabupaten Bandung, Presiden Republik Indonesia, Joko Widodo nganjang ka salah sahiji tempat kopi di jalan progo, poe Senen pasosore, pikeun ngareureuhkeun kacape. Jokowi riung mungpulung jeung seskab pramono anum, menteri PURP basuki, menteri perhubungan budi karya sumadi, kepala staf Presiden teten masduki, gubernur Jawa Barat, turta pangdam siliwangi mayjen TNI Doni Munardo. Jokowi oge kungsi foto selfie jeung rombongan, bari make hape pribadina salaku tawis katineung mangsa riung mungpulung di Bandung.