TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Mangratus-ratus personel polres Bandung ngalakonan kagiatan melak binih tatangkalan anu dipingpin ku Kapolda Jawa Barat, di Blok Waas leuweung tutupan Gunung Patuha, kecamatan Pasirjambu, kabupaten Bandung. Saestuna, blok waas mangrupa salah sahiji tina genep lelewek anu jumlahna 425 hektar lahan anu dipelakan tatangkalan kalawan walatra, di genep wewengkon di sakuliah kabupaten Bandung. Eta lahan anu dipelakan tatangkalan ku anggota polri teh mangrupa leuweung bulistir balukar alih fungsi lahan, anu dijadikeun lahan tatanen ku pangusaha katut warga di sabudeureunana.