TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI |Caah masih ngeueum imah warga di sajumlahing lelewek di kabupaten Bandung. Sanajan kitu, hujan dierong masih bakal ngecrek tepi ka tengah bulan november 2017. BPBD kabupaten Bandung nyindekeun status siap siaga bencana tur tacan ngaronjatkeun kana tanggap darurat. Indikator ngaronatna status tanggap darurat, nya eta upama caah ngabalukarkeun kagiatan warga lumpuh total, karusakanana mahabu, warga anu ngarungsi geus teu katampung, turta masarakat geus teu walakaya.