TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Pemilih pemula katut kaom disabilitas remen jadi sasaran pikeun okneum anu nyorang lampah curang, dina saban pemilihan kepala daerah. Pangna kitu, rea hal anu tacan dipikanyaho ku pemilih pemula atawa siswa katut kaom disabilitas ngeunaan prakprakan pamilukada. Panitia pengawas pemilu atawa panwaslu kabupaten Bandung bakal sagancangna ngokolakeun penyuluhan pikeun pemilih pemula katut kaom disabilitas.