TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | najan kiwari teu kurang ti saratus puskesmas di jabar tacan sayaga nyanghareupan pasualan pasen aids, jumlah anu nandangan aids di jawa barat mimiti ngurangan. Dumasar kana data komisi penanggulangan aids jabar, taun kiwari jumlah kasus hiv anu kapanggih ngaronjat, tapi jumlah anu nandangan aids angakna ngurangan. Eta hal teh salah sahijina dirojong ku kolaborasi rukun gawe pentahelix antara akademisi, bisnis, komunitas, pamarentah jeung media.