TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Doang, salah saurang tina sakitu reana padagang bandera anu mimiti neba di sisi jalan di sajumlahing lelewek di sabudeureun kota Bandung. Ti saprak tanggal 28 juli nu anyar kaliwat, Doang ngadagangkeun mangpirang bandera di sisi jalan supratman kota Bandung. Mangpirang jenis bandera ti mimiti ukuran sameter dua puluh senti, umbul-umbul, background, tepi ka anu leutik dijarual di eta lapak dadakan milik Doang.