TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI |Nya kawas kitu kaayaan lahan tatanen milik warga, di lelewek Cipageran, kota Cimahi. Salila sabulan, eta lahan tacan kasebor ku cihujan. Kiwari kaayaan taneuhna mimiti galaring samalah tepi ka rarengat. Eta mangbelas-belas hektar lahan tatanen sawah teh, dicindekeun nandangan puso atawa gagal panen.