TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Kaayaan anu beda ti sasari karandapan di salah sahiji imah di Jalan Senam Indah Dua, kecamatan Arcamanik, kota Bandung. Warga samalah padagang ngadareugdeug ka eta imah pikeun dicalukur. Eta kagiatan teh ngahaja dilakonan ku salah saurang seorang calon legislatif kota Bandung, Ahyat Kurniawansyah. Eta caleg ti partey bulan bintang teh, ngahaja ngokolakeun kagiatan cukur gratis, sangkan masarakat leuwih hegar nalika prakprakan nyoblos pemilu legislatif 17 April nu bakal datang.