TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Mangrebu-rebu massa anu karereaanana para nonoman tuturus bangsa, riung mungpulung di dome bale rame, soreang, kabupaten Bandung, pikeun ngareuah-reuah kagiatan budaya lingkungan jeung ekonomi kreatif. Eta kagiatan anu ditaratas ku sajumlahing perangkat daerah di kabupaten Bandung teh, dilakonan pikeun nyiagageun rohang keur para nonoman enggoning nembongkeun minat sarta kreativitasna dina widang usaha.