TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Leuwihti saratus urang aparatur sipil negara atawa ASN diistrenan ku gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil, di aula Barat gedung sate Bandung, poe Jumaah isuk-isuk. Eta para ASN anu diistrenan teh ngawengku pejabat pimpinan tinggi pratama, pejabat administrator, turta pejabat pengawas di lingkungan pamarentah provinsi Jawa Barat. Salah saurang di antarana nyaeta kepala dinas anu dilantik nyaet Dedi Taufik salaku Kadisbudpar. Lian ti et, Taufik BS diistrenan salaku kepala bappeda.