TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Beuki ngajaulna harga kabutuh poko, nya eta komoditas daging hayam turta endog hayam, ditalingakeun kalawan daria ku tim Satgas Pangan Daerah Provinsi Jawa Barat. Tim gabungan Satgas Pangan Jawa Barat, anu ngawengku petugas direktorat krminal khusus Polda Jabar, sarta Dinas Industri dan Perdagangan, ngalakonan sidak ka sababaraha pasar tradisional katut moderen di kota Bandung, poe Salasa isuk-isuk. Eta sidak dipitembeyan di pasar tradisional kiaracondong. Di eta pasar, harga komoditas daging hayam kawilang mahal, nya eta ti mimiti opat puluh tepi ka opat puluh dua rebu sakilo. Ari harga endog hayam, ti mimiti dua puluh lima tepi ka dua puluh genep rebu saban kilona.