TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Pangwangunan kolam retensi di kampung Cieunteung, kecamatan Baleendah, kabupaten Bandung, pikeun ngungkulan caah di 3 kecamatan, tacan keneh rengse. Pangna kitu, eta pangwangunan gejed lebah pasualan ngabebaskeun lahan warga di eta lelewek. Sanajan kitu, pamarentah anu boga wewenang netelakeun, eta pasualan bakal sagancangna rengse, ukur ngadago prakprakan mayar lahan anu dibebaskeun dina tengah bulan November.