TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Warga kota Bandung anu pangasilanana minim bisa masang saluran cai PDAM anyar, kalawan harga anu kawilang murah batan sasari. Pangna kitu, pamarentah kota Bandung nampa subsidi pikeun masang instalasi cai PDAM lima belas rebu saluran anyar, ti Kementerian Pekerjaan Umum Dan Perumahan Rakyat Republik Indonesia.