TP | BANDUNG TV | GIA NOVIANDI | PT. Jasa Marga Purbaleunyi, ayeuna keur meumeujeuhna nyorang prakprakan pangwangunan gerbang tol simpang susun baros, kota cimahi. Eta pangwangunan teh dilakonan keur ngarelokasi lawang asup gerbang tol pasteur anu remen macet nalika pere panjang. Eta relokasi teh pernahna di lelewek simpang susun gerbang tol baros, kota cimahi. Samemehna eta lawang tol pernahna di kilometer 1, tapi ayeuna jadi kilometer 14+750. Lian ti leuwih maju, pihak jasa marga ge ngalegaan eta lawang asup tol. Samemehna gerbang tol di eta lawang ukur 5 gardu, ari ayeuna jadi 7 gardu anu dipiharep mampuh ngungkulan antayan panjang anu remen karandapan di eta lelewek. General manager jasa marga purbaleunyi, reza febriano ngebrehkeun, eta relokasi teh dilakonan minnagkma tarekah pikeun ngungkulan macet anu remen karandapan di hareupeun lawang asup tol pasteur, sareta minangka tarekah ngaronjatkeun pangladen ancokeuneun masarakat.