TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Mangratus-Ratus Siswa Taman Kanak-Kanak, Aub Dina Kagiatan Manasik Haji, Di Buruan Masjid Pusdai, Kota Bandung. Eta Siswa Teh, Dipapatahan Prakprakan Hambalan Ibadah Haji, Ti Mimiti Niat Haji, Tawaf Atawa Ngurilingan Ka’bah, Sa’i Atawa Lumpat Lalaunan Ti Bukit Safa Ka Marwah, Lontar Jumrah Jeung Sajabana. Eta Siswa Tembong Sarumanget Naker, Aub Dina Eta Pelatihan Rukun Islam Anu Kalima.