TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Massa anu kabeungkeut dina Aliansi Aksi Udara Bersih, ngalakonan unjuk rasa di Gedong Sate kota Bandung, dina prakprakan mileing Hari Lingkungan Hidup Dunia poe Kemis isuk-isuk. Massa nembrakeun, kiwari konsumsi masarakat kana energi kotor di Jabar beuki rea, di antarana ketak marake batubara dina industri cekungan Bandung, anu mangaruhan kualitas udara di kabupaten Bandung, kota Bandung, kota Cimahi turta kabupaten Bandung Barat.