TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Pangdam Tiga Siliwangi, Tri Soewandono nandeskeun, salah sahiji pasualan walungan Citarum anu panggedena turta hengker diungkulan, nya eta reana runtah dina ngamalirna walungan Citarum. Minangka tarekah pikeun ngungkulan eta pasualan, tempat pamiceunan runtah anu kapasitasna untupan kudu disayagakeun di sabudeureun walungan, sangkan masarakat teu mariceunan runtah ka walungan Citarum. Lian ti kitu, masarakat kudu dididik ti leuleutik, ti saprak hambalan sd, sangkan teu mariceun runtah sagawayah ka walungans.