TP | BANDUNGTV | IWAN M RIDWAN | Kiwari, ketak Usaha Mikro Kecil dan Menengah atawa UMKM enggoning ngarojong tumuwuhna ekonomi nasional, ngahontal genep puluh persen. Sanajan kitu, rea keneh pangusaha UMKM anu gejed lebah ngamekarkeun usahana lantaran tacan nyaho tarekah naon anu kudu disorang nalika nyanghareupan pasualan anu karandapan. Dumasar kana eta hal, STIE EKUITAS ngokolakeun klinik bisnis, poe kemis mangkukna. Ketua pelaksana klinik bisnis STIE EKUITAS, ade imam muslim ngeceskeun, eta klinik bisnis teh mangrupa kagiatan taunan pikeun ngarojong UMKM enggoning ngokolakeun bisnisna.