TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nalika diwawancara satutas kagiatan puncer milangkala ka-47 hari kesatuan gerak PKK hambalan Jawa Barat di Pusdai Bandung, Gubernur Jabar netelakeun, nyanghareupan potensi seuseuteun cai dina usum halodo ayeuna, dirina teu weleh ngalakonan kordinasi jeung sakumna pihak anu boga wewenang, utamana dinas sumber daya air, dan pengelola bendungan. Eta hal teh dilakonan pikeun nyindekeun suplai cai turta saluran irigasi bisa dipake sahade-hadena. Lian ti kitu, pihakna oge ngalakonan mangpirang ketak penghematan.