TP | BANDNGTV | ASTRI CAHYANI | Masarakat ngagegekan operasi pasar murah anu dikokolakeun di alun-alun Ujung Berung Bandung, poe Salasa isuk-isuk. Mangpirang jenis kabutuh poko katut samara, ti mimiti beas, bawang bodas, bawang beureum, endog hayam dijual di eta operasi pasar murah, kalawan harga anu leuwih murah batan di pasar tradisional. Ku kituna rea diborong ku masarakat. Salah saurangna nurhayati, anu meuli endog hayam kalawan harga 21 rebu 5 ratus sakilo. Dirina nembrakeun, ari di pasar, harga endog hayam ngahontal 24 rebu saban kilona.