TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Tilu poe samemeh nyanghareupan kagiatan puncak acara road safety festival, anu bakal dikokolakeun di komplek Stadion Si Jalak Harupat Soreang kabupaten Bandung, satuan lalu lintas polres Bandung ngalakonan rapat koordinasi jeung sajumlahing panitia calagara, pikeun kalancaran eta kagiatan. Dina eta puncak acara road safety festival anu mareng dilakonan teh bakal nargetkeun leuwih ti 30.000 peserta, boh ti komunitas boh masarakat umum.