| TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Satutas musibah caah dengdeng anu ngabalukarkeun tilu urang korban tilar dunya, sarta 12 imah warga ruksak, di perumahan Jati Endah Regency, kapolres Bandung, AKBP Indra Hermawan nandeskeun pihakna bakal ngalakonan investigasi patali jeung eta musibah. Saestuna, investigasi disorang pikeun nyindekeun marga lantaran caah dengdeng anu narajang eta lelewek. Rarancangna, pulisi bakal ngagero pihak developer sagancangna, samemeh mariksa lelewek dihilireun walungan, anu dierong dipapaesan ku alih fungsi lahan, anu pernahna di suku gunung manglayang.