TP | BANDUNGTV | IWAN M. RIDWAN | Satutas nyorang deklarasi kampus anti narkoba di Bandung, poe Rebo isuk-isuk, kepala badan narkotika nasional provinsi Jabar nandeskeun, lian ti numpes sacara masif jeung kapulisian, prakprakan numpes kapanasaraan masarakat keur make narkoba, mangrupa tarekah anu penting pikeun ngeureunkeun sumebarna narkoba. Ketak ngadegkeun aturan norma di lingkungan mangrupa salah sahiji tarekah paling efektif pikeun nyinglar kapanasaran masarakat keur make narkoba, salah sahijina di lingkungan kampus. Sok komo, 60 persen sasaran narkoba mangrupa pangegek Jawa Barat umur produktif di antarana mahasiswa, anu jumlahna teu kurang ti 20 juta urang.