TP | BANDUNG TV | ELBI NOPITRI | Bupati Cianjur Irvan Rivano Muchtar diwewegan ku FKPD, para perangkat daerah, anggota DPRD sarta tamu undangan , ngaluuhan rapat paripurna DPRD, anu dipimpin ku ketua DPRD kabupaten Cianjur Yadi Mulyadi, di rohang sidang paripurna, poe Jumaah kapeutingnakeun. Dina rapat paripurna kiwari, agendana nyaeta nanda nota kasapukan ngeunaan kawijakan umum anggaran tur prioritas plafon anggaran saheulaan apbd parobahan taun 2019, anu gedena 2,7 triliun. Ketua DPRD kabupaten Cianjur, nembrakeun, skala prioritas anggaran apbd kabupaten Cianjur, nyaeta dina widang pangwangunan infrastruktur, dunya atikan turta kasehatan. Sajeroning kitu, pikeun total anggaran silpa taun kiwari gedena 199 milyar.