TP | BANDUNG TV | ELBI NOPITRI | Eta kagiatan gelar teknologi tepat guna atawa TTG, dikokolakeun di lapang Cipeundeuy, kantor kacamatan Cipeundeuy, kabupaten Bandung Barat, poe Rebo beurang. Dina eta kagiatan teh, sababaraha wawakil kota jeung kabupaten di Jawa Barat nembongkeun pameran sajumlahing inovasi sarta kreativitas anu dijeiun ku masarakat, ti mangpirang kalangan, ti mimiti pelajar, mahasiswa, turta masarakat biasa.