TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Harga daging hayam di sababaraha pasar tradisional di kabupaten Bandung, kiwari keur meumeujeuhna ngajaul batan sasari. Harga daging hayam, kiwari nitih opat puluh dua rebu tepi ka opat puluh lima rebu saban kilona. Ngajaulna eta harga daging hayam teh, dierong karandapan balukar kurangna jumlah DOC atawa binih hayam anu dikirim ka nu ngaringu hayam. Harga DOC, kiwari nitih genep rebu tepi ka tujuh rebu hijina. Lian ti harga DOC, ngajaulna harga daging hayam di pasar ge, nerekab alatan ngajaulna harga parab. Harga parab, anu samemehna genep rebu dua ratus, kiwari naek jadi genep rebu tujuh ratus saban kilona.