TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Dumasar kana laporan warga masih aya kios anu ngajual miras di Cimanggung Sumedang. Tim gabungan anu ngawengku Satpol PP Sumedang turta anggota polsek Cimanggung katut kepala desa, ngabaladah kios miras. Sakumna kios anu pernahna di tapel wates Cicalengka kabupaten Bandung, dibuka kalawan paksa turta dipariksa, disaksian ku warga katut ketua RW. Dina erongan mah eta okneum nu ngajarualan miras teh geus nyaho bakal aya razia, di jero kios taya miras sama sakali, turta teu dijaga ku dagangna.