TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Dierong ngaruksak ngaran hade partey, PDI Perjuangan kalawan resmi mecat bupati Bandung Barat, Abu Bakar, boh minangka ketua DPC PDIP kabupaten Bandung Barat boh tina kaanggotaan partey. Lian ti ngaruksak ngaran hade partey, eta kasus anu ngabaud bupati Bandung Barat teh patukang tonggong jeung tujuan partey, nya eta nguniangkeun nagara Indonesia anu bebas tina korupsi, luyu kana parentah ketua umum PDI Perjuangan, megawati soekarno putri, ka sakumna kader partey.