TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | spatali jeung eta, dina prakprakan kampanyeuna, calon gubernur anu dideudeul ku gerindra, p-k-s katut pan, sudrajat, ngahaja nepungan kader gerindra, anu keur ngalakonan deklarasi prabowo pikeun makalangan salaku calon presiden dina pilpres dua rebu salapan belas. Sudrajat miharep, kader gerindra satekah polah ngarojong pasangan asyik dina pilgub jabar sangkan punjul, tur ngarojong prabowo kapilih dina pilpres.