TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Satutas katarajang hujan poe Kemis pasosore tepi kapeutingnakeun, caah balukar limpasna walungan Citarum ngeueum deui sawatara wewengkon kabupaten Bandung, poe Jumaah beurang. Lian ti pamukiman warga, eta caah teh ngeueum jalan anu nepungkeun kota tur kabupaten Bandung, di lelewek Dayeuhkolot, tepi ka tujuh puluh senti.