TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYATI | Komisi pemilihan umum jawa barat geus nampa berkas hasil pamariksaan kasehatan, bakal cagub tur cawagub jabar dua rebu dalapan belas. prak-prakan masrahkeun eta hasil pamariksaan teh, dilakonan ku ketua tim pemeriksa kesehatan, di kantor k-p-u jawa barat, poe senen pasosore. eta pengumuman hasil pamariksaan kasehatan teh, bakal diumumkeun poe rebo kiwari.