TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Irjen Pol Agung Budi Maryoto, Kapolda Jawa Barat, ngadeugdeug pondok Pesantren Baitul Izzah Nusantara anu pernahna di kampung sukaluyu, desa suntenjaya, kecamatan lembang, kabupaten Bandung Barat, poe Minggu beurang. Dina eta kagiatan teh, Kapolda nembrakeun, yen kamerdekaan Indonesia teu leupas tina ketak santri jaman baheula anu milu bajoang lebah ngarebut kamerdekaan, di hareupeun mangratus-ratus santri.