TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Enggoning nalingakeun indikasi panyalimpangan dina Pilkada 2018, Bawaslu Jawa Barat ngadegkeun tim sentra Gakkumdu, poe senen pasosore. Eta tim teh bakal digawe di saban parpol anu ngalakonan mahar pulitik, tur bakal nalingakeun mangpirang hambalan dina Pilkada.