TP | BANDUNG TV | GIA NOVIANDRI | Kiwari pasar sandang sumedang, geus pungkas direfitalisasi.Ku kituna, petugas satuan polisi pamong praja boga karep memenah lingkungan pasar, dumeh rea warga anu nambangan di sabudeureun pasar sandang.Prakprakanana kungsi dipapaesan ku protes ti himpunan warga pasar atawa hiwapa.Pangna kitu, eta warga miharep, prakprakan ngabongkarna disorang isukanana. Ari pihak satpol pp nembrakeun geus medalkeun surat panggeuing ka warga di eta lelewek, pikeun mindahkeun lapak daganganana tepi ka harita. Ngan hanjakalna, eta bangunan masih ngadeg tepi ka petugas patugeng-tugeng jeung warga di eta pasar.