TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Dumasar kana panitenan tim liputan Bandung TV di terminal Ledeng, poe Rebo beurang, eureun nambanganana angkot di lelewek Lembang, ngagejed warga anu boga karep ngalakonan kagiatanana. Tepi ka rea warga anu laleumpang. Antukna, Dinas Perhubungan Kabupaten Bandung Barat anu diwewegan ku Satpol PP katut Brimob Jabar, ngeprikeun sajumlahing unit kendaraan pikeun ngangkut warga anu seja ngadeugdeug ka kota Bandung kitu deui sabalikna.