TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Lampah sweeping disorang ku supir angkot di terminal Cicaheum, kota Bandung, poe Rebo beurang. Saban angkot, dipaksa eureun turta panumpangna ditalurunkeun. Eta lampah sweeping teh, ngalantarankeun rea panumpang anu katambelar nalika ngalakonan kagiatanana. Ku kituna, rea panumpang anu kapaksa ngadarago beus kota. Kawas anu karandapan ku salah saurang warga anu ilaharna numpak angkot keur muru ka pangjugjuganana, yulia. Dirina ngeceskeun, eta lampah sweeping teh kacida ngagejed warga anu boga karep iinditan. Dirina oge kapaksa ngaDago beus kota pikeun nuluykeun lalampahanana.